Tengetan singa Depok ti sajarah nepi ka mangfaat dina unggal acara ─ KEL F6
Masyarakat Sunda kaceluk pisan ku kabeungharan seni budaya nu unik sareng tos mekar ngalegleg dina kahirupan sapopoe, salah sahijina nyaeta seni singa depok atanapi gotong singa. Kesenian singa depok asalna ti warga Subang, anu baheula digunakeun minangkasindiran ka pamarentahan Walanda sareng Inggris nalika jaman penjajahan.Kasenian ieu ngandung sajarah anu kiat. Sadayana dimimitian nalika taun 1812 basa kota
Subang dikawasa ku Walanda. Tapi, seni singa depok ieu anyar dijieun ku para seniman Subang di taun 1975. Bentuk singa dijadikeun perlambang kahayang pikeun males kanyeri basa dijajah, disalurkeun ngaliwatan seni. Kalawan lajuna jaman, singa depok jadi simbol anu jadi daya tarik pikeun kota Subang tur ngabantu ngaronjatkeun derajat warga Subang.Nepi ka kiwari, singa depok terus mekar sareng dipidangkeun dina rupa-rupa acara,sapertos khitanan, pesta pernikahan, sareng nalika aya tamu agung. Baheula mah ngan aya 200-an bentuk singa anu diproduksi. Tapi ayeuna, ampir unggal desa boga usaha nyéwa singa depok. Singa depok dijieun tina kai anu didesain siga singa galak siga boneka anu gedé. Kiwarina, lain ukur bentuk singa wungkul, tapi ogé aya bentuk lain saperti oray, naga, anoman, sareng seueur deui. Salain ti éta, usaha singa depok mimiti mekar taun 2003, sarta asalna ieu seni ti Subang, sumebar ka mana-mana. Dina sataun, usaha ieu tiasa ngalaksanakeun pagelaran sababaraha kali. Pangwangunan usaha ieu lancar alatan kolaborasi sareng rerencangan sapagawean singa depok, nu bakal silih bantosan upami aya kendala atanapi acara séjén. Sateuacan acara dimimitian, biasa diayakeun ritual heula, kalayan diiringan sora gamelan salaku tarékah ngahormat kana prosés ritual kasebut.
Kasenian singa depok ieu idéntik jeung bonéka singa anu katelah "Singaan Depok" nyaéta bonéka singa warna coklat atanapi koneng anu dihias. Dina bagean wajahna, bonéka ieu dijieun mangrupakeun beungeut singa anu baham na kabuka, nu mere kesan singa gagah jeung galak. Biasana lain singa depok hungkul nu dipintonkeun tapi aya ogé boneka nu séjénna saperti manuk, gajah, naga jeung nu séjénna. Dina tradisi ieu, boneka singa biasana dibawa ku opat lalaki nu manggul sabari nari. Sarta sok di bareungan ku musik gamelan has Sunda, musik nu pang populerna anu mineng dipake dina pagelaran singa depok nyaeta kembang gadung jeung tepang sono. Jeung deih kaunikan singa depok lain ngan aya dina sisingaan hungkul, tapi oge dina tradisi tina ngadangdanan budak anu boga hajat , biasana saméméh acara dimimitian biasana budak anu boga hajat téh didangdadan kutukang rias profésional, nu ngagambarkeun Gatotkaca atawa Arjuna, sarta di pakekeun baju jeung aksesorisna nu lengkap. Dangdanan ie miboga tujuan nyaeta pikeun méré kesan , sangkan budak jadi "pahlawan leutik" dina hajatan, anu ogé narik perhatian sarta nimbulkeun kareueus pikeun kulawarga. Proses maén Singa Depok ogé merlukeun skill jeung kakompakan pamaén,nyaeta kudu bisa nyinkronkeun léngkah-léngkah jeung gerak awakna luyu jeung wirahma gamelan nu terus dimaénkeun. Musik gamelan mangrupa iringan utama, nu ngatur wirahma tarina, mastikeun undak-usuk sampéan jeung gerak awak para pamayang nuturkeun wirahma musikna sangkan kabentuk. Dina prosesna, Singa Depok bakal ngurilingan kampung, sapanjang jalan pinuh ku jalma-jalma nu lalajo, nepi ka ahirna balik deui ka imah anu boga hajat. Salian pintonan singa depok , aya ogé sababaraha aksi anu jadi sorotan mimiti , nyaéta penampilan dua nepi tilu jalma ti tim arak-arakan nu naek boneka singa bari nari dina boneka. Panari ieu némbongkeun kasaimbangan rongkah jeung kelincahan, nuturkeun wirahma musik gamelan kalayan gerakan-gerakan anu narik perhatian ppanongton Anjeuna nari kalayan ekspresi pinuh ku sumanget, tur nambahkeun pikareseupen dina acara.
Kesenian minangka bagian tina kabudayaan daérah oge ngembang di désa Lingga Kuamang, kacamatan Pelepat Ilir, Kabupatén Muaro Bungo, salah sahijina nya éta kesenian Singa Depok. Kesenian Singa Depok dilestarikeun ti jaman ka jaman sacara turun-tumurun. Saluyu jeung éta, Sedyawati ngedalkeun yén kesenian anu jadi milik masarakat satempat nyaéta hiji rupa kasenian, boh anu tumuwuh ti masarakat éta sorangan atawa tina pangaruh kabudayaan séjén. Ku kituna, masarakat éta parantos nampi turunan ti karuhunna, anu bisa
disebut salaku kasenian tradisional.Salian ti éta, predikat tradisional ieu dina harti basajan nya éta sagala anu saluyu jeungtradisi, saluyu jeung pola-pola wangunan atawa palaksanaan anu terus dilakukeun ti waktuka waktu. Tradisional hartina sagala anu luyu jeung adat, luyu jeung pola-pola wangunan atawa laku anu terus dipaké ti baheula.Acara Singa Depok biasana dipaké pikeun ngahiur acara khitanan anu diayakeun ku kulawarga budak anu disunat. Pertunjukan sisingaan dimimitian ku kecap-kecap salam anu dilakukeun ku pamimpin rombongan. Sanggeus pamimpin rombongan masihan kecap salam, budak anu bakal disunat atawa inohong masarakat anu rék diarak dipersilakeun naék kana boneka singa. Salajengna, alat pangiring ditabuh bari mawa lagu-lagu anu ngandung irama dinamis minangka tanda ngamimitian pertunjukan. Saterusna, aya dalapan urang pamaén anu bakal ngagotong dua buah boneka singa (satunggal boneka digotong ku opat urang).Sanggeus panggotong boneka singa siap, pamimpin rombongan méré aba-aba ka parapembopong boneka singa supaya maranéhna ngamimitian gerakan tarian sacara babarengan jeung sarua. Para panggotong boneka éta langsung ngalakukeun gerakan-gerakan akrobatik anu rada ngadebarkeun.
Pertunjukan sisingaan ieu dilakukeun bari ngurilingan lembur atawa désa, dugi ka ahirna balik deui ka tempat asal. Sanggeus dugi ka tempat acara, barulah pamaén atraksi ngalakukeun atraksi di hareupeun buruan imah tempat acara bari budak masih di luhur Singa Depok. Biasana pikeun hiji lagu ngalametkeun waktos kurang leuwih 5-6 menit. Para pamaén musik jeung sindén di dina mobil pick up ngiringan di tukangeun pamaén, sabab kesenian Singa Depok ieu ngalakukeun arak-arakan.
Minangka arak-arakan ngabagéakeun tamu atawa pajabat nu dipihormat. Minangka wujud lalawanan kana penindasan anu dilakukeun ku Walanda jeung Inggris di wewengkon perkebunan Subang. Salaku bagian tina warisan budaya lokal anu kedah dilestarikan. Sabagé obyék wisata anu bisa ngaronjatkeun jati diri budaya masarakat Kabupatén Subang. Singa Depok nyaéta kasenian anu dipidangkeun ku cara maén dina tandu anu dieusi ku boneka singa jieunan anu ditumpakan ku barudak. Gerak-gerak akrobatik dina ieu pintonan némbongkeun kaparigelan jeung kakuatan fisik para pamanggung singa. Mangpaat kasenian Singa Depok atawa Sisingaan nyaeta: Minangka arak-arakan ngabagéakeun tamu atawa pajabat nu dipihormat, Minangka wujud kréatipitas budaya pikeun masarakat Subang, Ngarojong kagiatan masarakat, Ngaronjatkeun karaharjaan Kota Subang, Numuwuhkeun sumanget ti sagala rupa daérah.Singa Depok nyaéta salah sahiji kasenian pintonan masarakat Jawa Barat anu has Subang. Ieu kasenian mintonkeun hiji bonéka maung jieunan anu dibawa ku opat urang, nyaéta tunggang bonéka maung, Waditra Nayaga, jeung Sindén. Singa Depok ogé bisa jadi lambang lalawanan, saperti kajadian di Dago Elos, Bandung, nalika Singa Dépok jadi lambang lalawanan warga kana panggusuran.
Tim Pangarang :
paragraf 1 Aulia Briyan Pahlawan (sejarah dan perkembangan) https://kumparan.com/alfilyatrimaul/kesenian-singa-depok-asal-subang-1yIjggkYMTu
paragraf 2 Laras Anjani (ciri khas dan keunikan) https://ojs.isbi.ac.id/index.php/katarsis/article/download/3437/1926/7945
paragraf 3 Risyaf Anwar Harsenda (Acara singa depok) https://salingka.ppjbsip.com/index.php/SALINGKA/article/download/1076/400
paragraf 4 Intan Puspita Sari (manfaat singa depok, Hasil wawancara narasumber)
1). menceritakan tentang singa depok yang biasa dipake saat acara tertentu, seperti khitanan. selain itu isi dari cerita ini juga tidak hanya itu, tetapi ada pula manfaat adanya singa depok, ciri khasnya dan keunikannya
BalasHapus2). tradisi ini masi digunakan sampai saat ini
3).banyak kesalahan dari tanda bacanya, seperti spasi dan koma
4). 88
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus1. Menceritakan tentang kesenian sunda yang berasal dari Subang yang dahulu digunakan sebagai kesenian di jaman penjajahan. Selain itu menceritakan keunikan serta manfaat dari singa depok.
BalasHapus2. Hal yang menarik dari singa depok ialah boneka singa yang di buat menyerupai singa gagah dan galak diangkat oleh 4 orang dan diikui oleh alunan musik dari gamelan dan dipertontonkan. Hebatnya kesenian ini bertahan di zaman modern ini.
3. Masih banyak kesalahan seperti kurang nya spasi setelah tanda baca dan penempatan tanda baca.
4. Nilai 85
Hesti
BalasHapus1. Dina artikel ieu nyaritakeun kasenian budaya sunda yaeta anu asaln ti daerah subang, nyaeta anu namina singa depok. Dina artikel ieu salian nyaritakeun tentang sajarah kasenian singa depok dipidangkeun oge mangfaat na bisa di pikawanoh ku simkuring.
2. Anu nyieun menarik dina artikel ieu teh sababaraha aksi anu jadi sorotan mimiti , nyaéta penampilan dua nepi tilu jalma ti tim arak-arakan nu naek boneka singa bari nari dina boneka. Panari ieu némbongkeun kasaimbangan rongkah jeung kelincahan, nuturkeun wirahma musik gamelan.
3. Dina artikel ieu atos sae ngan aya sababaraha anu ku simkuring kapendak kalepatan dina cara penulisan sareng bahasa.
Nilai : 87
BalasHapusAsri
1.nyaritakeun tentang tradisi Singa Depok anu seeur mangfaat na sareung kaunikan na saperti arak arakan nu naek singa bari nari dina boneka.
2.kaunikan Tina artikel ieu
nyaeta budak nu di dangdanan mangrupakeun Gatotkaca atawa Arjuna
3.Seeur kasalahan tina tanda baca na saperti titik sareng spasi.
Nilai na 86/100