Mikawanoh Mikul Lodong : Upacara Adat di Desa Cikurutug ─ KEL F4
Mikul lodong, salah sihiji kabudayaan di Bandung Barat nu aya kénéh nepi ayeuna, upacara ieu di lakukeun di Kampung Babakan Cikurutug RT 03 RW 07, pami aya nu teu apal naon nu dimaksad Mikul Lodong, Mikul lodong nyaeta upacara adat nu dilakukeun pas barudak ti padépokan pencak silat nepi ka tahap pangtungtungna, upacara ieu dilaksanakeun ku barudak, bapa bapa, sareng ibu ibu. Pami di jelaskeun sacara singkat eusi upacara ieu mangrupa barudak nu mawa cai ti salah sahiji mata cai maké awi nu diaranan lodong
Upacara ieu dumasar ka kahirupan masyarakat sunda di jaman baheula nu kédah indit heula ka mata cai pami badé nganggo cai. Upacara ieu lumangsung lantaran ayana karép ti Eyang Haji Jangkung, Embah Bongkok Banyu, Eyang Peurah Kalajengking, sareng Buyut Alsiem Sababuana nu disébat ‘Karamat Cadas Gantung’ nu eusina "keur nguatan anak incu dina urusan penca mangka kudu digembleng ku cara nanggung lodong ti karamat Cipetir ka Kampung Cikurutug. Saterasna kudu diigelkeun jeung caina ulah tamplok” nu akhirna amanat ieu dijalankeun ku Uyut Sarhapi sareung budak jeung incuna, nyaeta Mama Muhali, Aki Sarma, sareng Abah Caca, salaku Pamimpin Padepokan Pencak Silat Putra Mekar Mandiri.
Sabernamah mikul lodong téh mangrupakeun modifikasi ti silat lodong, sabab basa 2017 Pa Asep Suproto diamanatan ku pamarintah pikeun ngamumule budaya nu aya di Cikurutug, ngan upacara silat lodongmah hésé di jalankeunna da kedah mawa cai ti tujuh mata cai nu benteun. Mata cai nu kahiji dinamian Cikahuripan, nu kadua Ciasihan, nu katilu cikarahayuan, kaopat cikalanggenan, kalima cikamulyaan, kagenep cikadugalan, saren nu katujuh cikawangian. Unggal sumber cai miboga harti nu benteun benteun sapertos Cikahuripan nu gaduh harti ngalagena waluya rasa waras ing datuloh, Ciasihan nu gaduh harti ngalagena welas asih ing ratu sa sajgat satru, Cikaharayuan nu gaduh harti jumhur rahayu berkah alam kapayungan karuhun amanat Allah, Cikalanggengan nu gaduh harti sugih rasana lamggeng ati badan kaula tunjung sampurna ing Allah, Cikamulyaan nu gaduh harti mukti waluya wujud datulloh miheman ingsun Allammulloh, Cikadugalan nu hartina teuas badan waras kanga wesu nyawa kuat kulit tulang balung Allah nu terakhir Cikawangian nu boga harti dangiang kasturi mapay rasa waruga jati jembar wawangi.Pa Asep Suproto mikir lamun mikul lodong disamikeun kawas silat lodong kedah nyandak cai ti tujuh mata cai nu benteun, barudak moal kiat sabab jarak ti hiji mata cai ka mata cai séjénna tebih pisan. Tungtungna anjeuna mutuskeun yén kanggo upacara adat mikul lodong teu kedah katujuh mata cai nu benteun, ngan kedah ka hiji mata cai nyaéta mat acai cipetir, margi tos didamelkeun tujuh pancoran cai kanggo ngeusi lodong nu dibawa barudak, kunaon kedah tujuh? sabab barudak nu ngalakukeun upacara mikul lodong aya tujuhan dumasar ka silat lodong oge nu kedah ka tujuh mata cai, salian ti tujuh barudak, aya tujuh bapa bapa, sareung tujuh ibu ibu. Pa asep ngalakukeun loba parubahan sabab anjeuna hoyong kabudayaan nu aya di desa cikurug teras kajaga janten teu aneh margi niat anjeuna saukur ngamumulu kabudayaan di desa Cikurutug.
Upacara Mikul Lodong dimulai ku do’a bersama para barudak silat sareng masyarakat Kampung Cikurutug. Pembacaan do’a dilakukeun di tempat lokasi anu dilaksanakeun, anu tujuan pikeun mere ka lancaran jeung kasalametan salila upacara.
Réngsé ngado’a babarengan, pamilon upacara jeung masyarakat Kampung Cikurutug ngariung mawa alat-alat upacara ka lokasi kadua nyaéta tempat cai keramat Cipetir kalayan leumpang salama 30 menit.
Dugi ka tempat cai keramat (suci) Cipetir, kabeh perlengkapan upacara disajikeun di hareupeun mata cai. Saterasna pamangku adat ngamimitian ngalaksanakeun upacara di tempat eta, dimimitian ku ngaduruk kemenyan jeung ceretu bari dilantunkeun ku do’a-do’a. Nurutkeun abah caca (Pamangku adat), do’a di lokasi mata cai Cipetir boga tujuan kanggo ngungkapkeun maksad ngayakeun upacara sarta memohon ka sang nu boga semesta supados diidinan ciptaannya (cai cipetir) kanggo dijadikeun media upacara inisiasi strata/ tingkatan elmu nu tangtu. Nalika dua anu ditepikeun ngagunakeun nyaeta nalika campuran arab jeung nalika sunda.
Réngsé memanjatkeun do’a, sadaya lodong dilebetan cai Cipetir. Sanggeus sadaya lodong ka eusi, peserta upacara balik ka pemukiman kampung Cikurutug kanggo ngalakukeun upacara saterusna nyaeta tarian Mikul Lodong Adegkeun Rengkenekna.
Penyajian Tari Mikul Lodong Adegkeun Rengkenekna mangrupa éksprési gerakan para pemikul lodong saat ngamasumeun cai ti lodong ka jero gentong cai (gentong taneh). Penyajian tari dipirig ku musik kendang penca. Motif gerakan tarian ngagunakeun gerakan pencak silat kembang sapertos golémpang sarta mincid. Formasi tari didominasi ku gerakan-gerakan ngurilingan gentong cai, sarta hiji perhiji peserta Mikul Lodong ngabahekeun cai ka jero gentong anu ke ditutup ku daun cihanjuang.
Ngalaksakeun upacara di tungtungna kalawan partisipasi masyarakat anu hadir kanggo ngiring nari sasarengan, tarian mikul lodong. Rengse nari, dilakukeun syukuran murak tumpeng, nyaéta dahar sangu tumpeng ku masyarakat anu ngahadiran upacara mikul lodong.
Sakumaha anu kaunggel dina tahapan palaksanaan Mikul Lodong di luhur, katitén aya sababaraha palaku dina upacara mikul lodong di Kampung Cikurutug Kecamatan Tagog apu iye, di antarana nyaeta:
Masarakat sabudeureunana sabagai anu nyiapkeun pakakas, tempat, sasajén jeung kadaharan. aya ogé partisipasi masarakat pikeun memeriahkan upacara mikul lodong, nyaéta ku jalan leumpang ka sumber mata air (Cipetir), nuluykeun nari sareng para pesilat anu keur ngocorkeun cai ka gentong, ahirna masarakat dahar babarengan sareng sadayana anu aya dina upacara mikul lodong.
Barudak rumaja silat, ditugaskeun mawa lodong (Bambu) nu ditalian make rancatan anu engke ditugaskeun ngeusian lodong ku cai tina mata air (Cipetir). sabab aya 7 Sumber mata air, barudak ieu oge jumlahna 7 urang. Barudak ngeusian cai ti 7 pancoran cai di mata ai (Cipetir). terus balik deui ka eta tempat di mana upacarana diayakeun, barudak nari tarian bari ngocorkeun cai kana gentong anu diturutan ku masarakat pikeun memeriahkan upacara mikul lodong.
Salian ti palakasaanna nu alus Mikul lodong oge gaduh seeur mangpaat di rupi rupi bagian kahirupan sapertos dina téori fungsi kabutuhan psikologis, aya anu diwujudkeun sacara langsung sedengkeun anu sanésna diwujudkeun sacara henteu langsung ngaliwatan rupa-rupa éksprési budaya. Salah sahijina nyaéta upacara pelantikan siswa anu lulus ujian. Ngabulkeun ijazah wisuda biasana lain ngan ukur wangun konkret dibéré surat wisuda ijazah, tapi sok diteruskeun ku upacara wisuda.
Dina kabudayaan, fungsi unsur kabudayaan nya éta pikeun nyumponan kabutuhan sosial, nya éta daya tahan masarakat anu disababkeun ku gawé babarengan anu hadé jeung unsur-unsur di jerona. Ngeunaan upacara Mikul Lodong, ungkapan budaya anu dipintonkeun miboga rupa-rupa fungsi, lain ngan pikeun kapentingan individu siswa silat jeung kulawargana, tapi ogé nyumbang kana daya tahan integritas anu aya di masarakat. Fungsi anu diwujudkeun dina upacara Mikul Lodong diantarana:
Fungsi atikan, ngeunaan kabudayaan Mikul Lodong, fungsi atikan bisa ditingali dina atikan non-formal anu mangpaat pikeun individu jeung masarakat. Mangpaat séjén dina atikan silat ieu nya éta siswa dibéré pangaweruh silat sarta dibéré kasempetan pikeun mekarkeun poténsina ngaliwatan kaparigelan silat, dina kahirupan masarakat.
Fungsi sosial, ngaliwatan upacara Mikul Lodong, atikan silat sacara teu langsung nimbulkeun rasa tanggung jawab masarakat pikeun salawasna ngajaga lingkungan tina ancaman jeung paripolah manusa anu ngaruksak, saperti tindakan kekerasan, kekerasan jeung sagala rupa kajahatan séjénna.
Fungsi institusionalisasi social, upacara Mikul Lodong mangrupa atraksi budaya anu mangpaat pikeun lingkungan sosial. Dina kahirupan manusa, lembaga sosial tangtosna ngagaduhan sababaraha fungsi sareng sababaraha diantarana nyaéta: nyadiakeun pituduh ka anggota masarakat ngeunaan kumaha maranéhna kudu kalakuanana atawa kalakuanana dina nyanghareupan masalah anu tumuwuh atawa timbul di masarakat, ngajaga integritas masarakat. nyadiakeun pituduh ka masarakat pikeun nerapkeun sistem kontrol sosial, fungsi Konservasi Lingkungan.
Konservasi lingkungan anu patali jeung upacara Mikul Lodong mangrupa fungsi anu nuduhkeun dampak ngagunakeun média awi minangka sarana budaya dina ieu upacara. Awi mangrupa tutuwuhan anu bisa mekar di wewengkon Désa Cikurutug, nya éta ikon tutuwuhan anu boga potensi gedé dina ngadalikeun unsur cai dina taneuh. Cai taneuh anu dijaga langsung sareng henteu langsung bakal ngajaga konservasi lingkungan. Lingkungan hirup anu saé, nyaman sareng harmonis sareng kahirupan manusa bakal otomatis ningkatkeun karaharjaan sareng kabagjaan jalma anu béda di jerona.
Fungsi Budaya, upacara Mikul Lodong ngajarkeun pangaweruh tradisional masarakat ngeunaan adat istiadat anu kudu dilestarikan sabab ngandung ajén-inajén tradisional anu patali jeung pamakéan awi minangka sarana pikeun nyimpen cai.
Fungsi Ékonomi, upacara Mikul Lodong bisa dijadikeun seni pintonan pikeun ngaronjatkeun panghasilan seniman.
Referensi :
Buku “10 Ritus Warisan Budaya Tak Benda (WBTB) Indonesia, Kabupaten Bandung Barat sebagai Upaya Memperkuat Ketahanan Budaya Masyarakat”
Tim Pengarang :
Zidan Ramadhan (Sajarah)
Septi Anggraeni (Tahapan)
Galuh Abdul (Palaku Upacara)
Santi Bela (Mangpaat)
Lodong, Mikul lodong nyaeta upacara adat nu dilakukeun pas barudak ti padépokan pencak silat nepi ka tahap pangtungtungna, upacara ieu dilaksanakeun ku barudak, bapa bapa, sareng ibu ibu.
BalasHapusUpacara Mikul Lodong dilaksanakeun di dua lokasi nyaéta di lapangan tempat pelantikan murid pencak silat jeung di tempat cai keramat (suci) Cipetir. Sateuacan ngalakukeun Upacara Mikul Lodong pamangku adat jeung masyarakat Kampung Cikurutug nyiapkeun sarana sareng prasarana anu diwangun ku peralatan sareng sasajén.
baalrudak rumaja silat, ditugaskeun mawa lodong (Bambu) nu ditalian make rancatan anu engke ditugaskeun ngeusian lodong ku cai tina mata air (Cipetir).
haal nu menarik naa nyaetaa ku mataa caai cipetir (cai keraamat)
•Benteun (bénten)
95,tinu nuliskeun nu diluhur
Artikel atos katawis sae dina struktur katut fakta anu dipidangkeuna. Katingali pisan meunangkeun datana ku cara anu bener nyaeta observasi. Sadaya anggota kelompok atos katawis ngiring nyerat kana artikel ieu. Kantun sababaraha kalimah tur kekecapan anu masih kirang merenah. Tanda baca katut makena kekecapan Dina basa Sunda masih kurang merenah.
BalasHapus1. Tingkesan artikel anu ku hidep baca
BalasHapusMikul Lodong téh mangrupakeun upacara adat di Bandung Barat, khususna di Kampung Babakan Cikurutug, anu nandakeun réngsé latihan barudak dina pencak silat. Upacara ieu ngalibatkeun barudak anu mawa cai ti mata cai keramat maké awi nu disebut "lodong," ngagambarkeun kabiasaan jaman baheula nu nyandak cai pikeun kabutuhan. Ritual ieu dipangaruhan ku tokoh-tokoh karuhun lokal, sarta parantos ngalami évolusi ti nu awalna maké tujuh mata cai, ayeuna ngan ngagunakeun hiji mata cai, nyaéta Cipetir, tapi tetep ngajaga makna jumlah tujuh dina jumlah pamilon jeung unsur nu dilibatkeun.
Upacara ieu diwangun ku do’a, sesajen, sareng tarian perayaan, nu nguatkeun kohesi masarakat, pendidikan, jeung pelestarian budaya. Salian ti éta, Mikul Lodong ogé miboga fungsi sosial, pendidikan, jeung lingkungan, ngaronjatkeun integritas komunitas jeung pengetahuan tradisional.
2. hal anu matak ngirut tina artikel
Kekayaan Budaya: Menggambarkan tradisi unik Mikul Lodong yang mencerminkan kearifan lokal dan nilai-nilai masyarakat Sunda.
Ritual yang Berarti: Menjelaskan makna mendalam di balik setiap langkah upacara, dari pengambilan air hingga tarian, yang menambah dimensi spiritual dan sosial.
Keterlibatan Komunitas: Menunjukkan partisipasi aktif masyarakat, yang menciptakan rasa kebersamaan dan kekompakan.
Aspek Pendidikan: Menyoroti bagaimana upacara ini juga berfungsi sebagai sarana pendidikan non-formal bagi generasi muda.
Keberlanjutan Lingkungan: Menghubungkan praktik tradisional dengan isu-isu lingkungan modern, menunjukkan relevansi budaya dalam konteks saat ini.
3. Kasalahan basa tina artikel dan ada kata yang seharusnya pake curek
di paragraf pertama tidak ada titik
4. peunteun artikel make skala 0- 100
90
Satriaa keyzaa
Ayesa Kirania Ramadhan
BalasHapus1. Dapat di simpulkeun artikel ini menjelaskan tentang upacara adat di Désa Cikirutug, dimulai dari kenapa dinamakan Mikul Lodong, syarat ngalakukeun upacara Mukul Lodong, tahapan ngalakukeun upacara Mikul Lodong, palaku upacarana, sampai manfaat tina upacara Mikul Lodong ieu.
2. Hal yang menarik dari artikel ini adalah kedah nyandak cai dina 1 mata cai ku tujuh barudak, tujuh bapa-bapa, sareng tujuh ibu-ibu.
3. -Di paragraf pertama, akhir kalimat tidak memakai titik.
-Ada kalimat yang seharusnya tidak memakai (é) dan ada yang harusnya memakai (é) tapi tidak dipakaikan cureknya.
-Ada beberapa kali penulisan desa yang tidak memakai kalimat diawalnya.
4. (90) Informasi yang saya dapat lengkap dan mudah dipahami, hanya saja di penulisan masih ada beberapa kesalahan.
1 Ringkesan : Tiasa disimpulkeun artikel na nyaritakeun naon Mikul Lodong téh , syarat ngalakukeun upacara Mukul Lodong teh kumaha, tahapan ngalakukeun upacara Mikul Lodong, palaku upacarana, sampai manfaat tina upacara Mikul Lodong.
BalasHapus2.Hal nu menarik : ngagambarkeun tradisi nu menarik nyaeta mikul lodong
3. -Di paragraf awal, akhir kalimat teu ngagunakeun titik.
-Ada kalimat yang seharusnya tidak memakai (é) dan ada yang harusnya memakai (é) tapi tidak dipakaikan cureknya.
4. 90 , informasi na mudah di pahami dan menarik